Skip to main content

Posts

Showing posts from January, 2008

Mapag Taun Hijrah...

Mapag Taun Hijrah... Ku : Mang Maya Saban taun nanggalan 1 hijriah geus mindeng kapanggih, tanggal hiji deui...tanggal hiji deui.... sanajan cek tadi waktu mah teu bisa dibalikan deui...tanggal hiji hijriah ayeuna, beda jeung tanggal hiji hijriah taun kamari. Tong boro kitu detik jeung menit anu ayeuna keur kalampahan ku urang pasti moal kalampahan jeung moal bisa disaruakeun kana detik menit anu kaliwat poe kamari komo taun kamari. Kukituna munasabah lamun urang seug reureuh sakeudeung ngaragap jeung ngarampa diri kana lalakon jeung lalampahan anu geus kaliwat (nginjeum basa urang arab mah cenah : "muhasabah"), nyaliksik tur nalek diri geus tepi kamana jeung kumaha tepi poe ieu teh...katut "rek kumaha" nantukeun lampah poe isuk?. Patalekan anu bisa ditujukeun ka diri minangka pribadi sajati anu mandiri , boh patalekan anu bisa ditujukeun kana beungkeutan diri-diri anu boga pamaksudan jeung pangharepan sarua . Saha aing, timana aing, rek kamana aing